BARAKATAK

October 17th, 2006 by helloa-rinno

KAWITNA

Dokter : "Ieu teh kawitna kumaha? Dugi ka soca belel, rambut acak-acakkan, sareng…lembey teu tiasa nutup, jadi ngacay wae!"

Nu nganteur : "Kawitna mah nganjang ka kantor majalah Mangle. Teras di ditu maca carita ‘barakatak’ ti kawit Mangle terbitan kahiji dugi ka nu terbit ayeuna!"

Dokter : "Beu! Sim kuring ge seneng maca ‘barakatak’, teu nepi ka over dosis!"

MULAK-MALIK AKSARA (1)

Kang Nono : "Jalan getih naon?"

Ceu Lilis : "Urat."

Kang Nono : "Ari raja awewena?"

Ceu Lilis : "Ratu."

Kang Nono : "Kecap sejenna ‘bereskeun’?"

Ceu Lilis : "Atur."

Kang Nono : "Ngalemeskeun awi ku peso parantina?"

Ceu Lilis : "Raut."

Kang Nono : "Salametan pikeun nolak bala?"

Ceu Lilis : "Ruat."

Kang Nono : "Ari ngaruntuhkeun tangkal?"

Ceu Lilis : "Tuar."

Kang Nono : "Males mayar?"
Ceu Lilis : "Taur."

                                                       Ti majalah Mangle no.2005 3-9 Maret 2005.

All about Kang Nono ^0^

October 16th, 2006 by helloa-rinno

Assalamu’alaikum.Wr.Wb.

sampurasun!

Wilujeng Sumping ka kang Nono’s space!

Nepangkeun wasta sim kuring : Rinno…lengkepna : Muhammad Rinno Rizky Fernandhy Sutisna.Nanging kenging atanapi cekap oge dipanggil ku ‘kang Nono’

Babarna di kota kembang tea atuh nyaeta kota Bandung berhiber!!! Ping 13 Juni 1986.

Tepatna di ‘Rumah Sakit Hasan Sadikin Bandung. Ayeuna kaleresan nuju kuliah di Fakultas Sastra, nyandak jurusan Sastra Inggris Universitas Padjadjaran…kampus Jatinangor.

Sakitu wawanohan ti sim kuring , kirang langkungna nyuhunkeun pangapunten. Hatur nuhun kangge perhatosanna.

Wilujeng pawanoh!

Wassalamu’alaikum.Wr.Wb.

Mangga ah….

Cag!

Hwiiiiix….hwiiiiiix….!!! T_T

October 16th, 2006 by helloa-rinno

Hwwwwiiiiiiiiiiiiiiiiiixxx….hwwwiiiiiiiiiiiiiiiiiiixxx…..!!! keur usum marudix ‘kawasan pendidikan Jatinangor’ mani sepi bekieu…urang ge saleresna mah rek mudik oge euy…kamana??? ka Majalengka!!!! rek ka imah na nini….dititah lebaran diditu euy!!! kangeun oge jeung si nini gaull…nya atuh nini na kang Nono tea atuh….^0^ —-ngan ayeuna masih keneh bertahan di nangor lantaran khabar kuliah nu teu jeulas…ieu teh rek aya kuliah moal??????? lamu teu mah geus ti kamari2 mudik…hmmmm…lebaran hari ka tilu siga biasa weeeeeh…’riung mumpulung’ di Bandung jeung kulawargi ageung!!!! Hmmmmmmm…tapeeeeee…kangeun oge euy jeung babaturan…..!!!! aya nu mudix ka sumatera…ka papua….iiiiiih…mani resep kituh!! ^0^  Okkkeeeeeeeeeeeeeehhh…..Wilujeng Idul Fitri 1427 H!!! MohonMaaf lahir dan Bathin….

Cag!

O…muhun…hatur nuhun euy!! ^0^

October 15th, 2006 by helloa-rinno

Hahahaa….dasar udik…geus nyieun Blog ku sorangan..teu apal geus jadi atawa tacan….???? apalna pas babaturan ngabejakeun ka urang…"Iiihhh….kang Nono ngirim blog kok ga ada isinya..kosong! trus fotonya keren lagi pake seragam apa???"   What?! nyaan euy mani reuwas!!! teu nyangka mun blogna geus jadi..n siap pakai! hehehe….geus weh mimitina mah urang bisa ngedit blog jeung ngirim2 blog teu penting….(kang Nono tea atuh…^0^)…apek teh kamari rek muka blog jeung rek ngirim blog poho deui carana kumaha…???! jadi weh ‘back to nature’ (hweeeheheh….)rek narsis2an tur eksis2an ngirim dina buletin deui…ka buletin deui….T_T hOhOhO…kang NOno dasar udik euy! ya..hampura atuuuuuh….pan ayeuna mah geus bisa…..ieu buktina….leres teu??? tengkiyu ah kanggo ceu Egie nu tos ngabewarakeun wartosna! tur hatur nuhun oge kanggo commentna! ^0^

QuickPost | Friendster Blogs

October 13th, 2006 by helloa-rinno

Link: QuickPost | Friendster Blogs.

Assalamu’alaikum…

Sampurasun…

punten ah ngiring ngalangkung…

Bilih bade aya nu wa2nohan sareng sim kuring…

kantun add alamat FS tur alamat e-mail sim kuring : salam_rinno@yahoo.com

Hatur nuhun.

Wassalam…

Cag!

Kang Nono

October 13th, 2006 by helloa-rinno

Eeeeeeuuuugh…BeTe euy! barudax CaPaskib dititah ngumpul..teu ngumpul2…geus deukeut2 jeung wayahna mudix…karek nanyakeun iraha rek ngumpul??? Ahhh..bewara weh kangge ‘barudax’ CaPaskib Unpad tonh hilap kin ngempel ping 7 Nopember 2006…! Sakantenan euy tong hilap ‘Oleh2′na….hehhe…^0^

Geus ah sakitu wae…

Salam Paskibra!!!salam_rinno@yahoo.com